Biantara Sunda
Assalamualaikum
Wr. Wb.
Para wargi miwah
rerencangan sakola anu ku simkuring dipikahormat.
Langkung tipayun
hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Alloh S.W.T kumargi mantena
parantos maparinan mangpirang-pirang nikmat ka urang sadayana. Sholawat
sinareng salamna mugia dikocor golontorkeun ka jungjungan uranag sadayana
nyatana habibana wanabiyana wamaulana Muhammad S.A.W.
Dina danget ieu
simkuring bade ngduhikeun hiji perkawis anu ngagaduhan judul nyaeta “PRESTASI
DIAJAR”.
Urang salaku
pamuda dimasa kiwari, tangtuna kedah ngagaduhan tekad pikeun neruskeun tapak
lacak parapajuang katut pamuda jaman kapungkur, nya diantawisna ku cara
ngaronjatkeun prestasi diajar, sangkan tiasa ngahontal prestasi diajar anu
nyugemakeun. Tangtu urang kedah soson-soson dina diajarna.
Parawargi anu
dipikahormat, sakumaha rahayat Indonesia dimana wae ayana, kagungan hak kanggo
nampi atikan. Unggal seler bangsa diwajibkeuna dina nyukcruk elmu ti lelembut,
ngalik pangarti ti leuleutik, ngalap basa ti bubudak.
Salaku pamuda
urang kedah jembar ku panalar, sugih ku pangarti sangkan luhung ku elmu
pangaweruhna. Pamuda anu unggul prestasina moal sesah milari rejeki, moal sesah
nyiar kipayah,hiji bangsa anu euyeub ku pangabisa, hirupna moal gumantung ka
bangsa deungeun
Lamun urang
pinter, moal dibobodo jeung moal disapirakeun ku saha bae oge, malahan baris
diajenan tur dibutuhkeun ku batur. Margi elmu teu beurat nyunyuhun. Elmu wajib
dipibanda nanging ulah bosen nyiarna. Malh sepuh kapungkur kantos mitutur:
“Elmu tungtut dunya siar”. Hartina elmu jeung rejeki kudu dipaluruh.
Di nagara urang
parantos lumangsung wajar dikdas 9 taun. Unggal warga wajib diajar sakola,
sakirang-kirangna 9 taun. Genep taun di SD, tilu taun neraskeu ka SMP.
Dipiharep neraskeun ka SMA. Nanging jaman ayeuna mah teu cekap dugi ka dinya,
urang kedah gaduh karesep neraskeun dugi ka paguron luhur, sangak ngahontal
prestasi anu nygemakeun.
Rupina abi
nyanggem moal bade panjang lebar, abi neda dihapunten bilih aya basa anu teu
kareka atanapi saur anu teu kaukur.
Saninten buah saninten,
saninten di
parapatan,
hapunten abi hapunten,
tina samuadaya kalepatan
Wassalamualaikum
Wr. Wb.